didieu
mangsa sore
sedek kaburitnakeun
na lolongkrang lamunan
hate leutik teu daek simpe
tumanya dijawab sorangan
dimana atuh dimana tempatna
acining hirup sajeroning hurip
didieu geuning didieu nyampak
lambaran carita nu bisa dibuka
dipesek tuluy diala saripatina
ngan omat ulah nyimpulkeun
mun can karasa amis asinna
yen hirup jeung huripna
jalma moal bisa ngarih
mun teu daek peurih
moal bisa ngakeul
mun teu daek
ngakal
baeu baeu pangacian
geura kumpul kana tempatna
Telaga Wening Waduk Darma
PenaArsky (28072016)
mangsa sore
sedek kaburitnakeun
na lolongkrang lamunan
hate leutik teu daek simpe
tumanya dijawab sorangan
dimana atuh dimana tempatna
acining hirup sajeroning hurip
didieu geuning didieu nyampak
lambaran carita nu bisa dibuka
dipesek tuluy diala saripatina
ngan omat ulah nyimpulkeun
mun can karasa amis asinna
yen hirup jeung huripna
jalma moal bisa ngarih
mun teu daek peurih
moal bisa ngakeul
mun teu daek
ngakal
baeu baeu pangacian
geura kumpul kana tempatna
Telaga Wening Waduk Darma
PenaArsky (28072016)


+ komentar + 1 komentar
1xbet korean (1xbet) - Legalbet
Find a licensed betting site for live bets on choegocasino football, 1xbet korean tennis, football, basketball, cricket. Rating: 4.2 · 501 메리트 카지노 고객센터 votes
Posting Komentar